Wednesday, October 13, 2021

Puisi Sunda Banten | Oki Khaeri Rojab | Kahayang Batur | Ciduh Abuya | Hikayat Cai Dina Jero Botol

 Puisi Sunda Oki Khaeri Rojab 




Kahayang Batur


Ari nu ges bekah 

ulah sok diharepken balik dei

Nanaon geh ges kekuduana

Sia ngan saukur kuasa ngadoa

Ulah jadi jelma anu picareken batur

Hirup teh kudu bisa ngukur jeng diukur


Sakur sakur jelma nu bisa bersyukur

Bakal diresepan ku batur

Kiwarimah cik gera neangan pitutur

Kanu jelma nu ges masyur

Tina elmu 

Umur 

Jeng pibaliken ka kubur 

Ges atuh da aing hayang dahar bubur

Ges bekah lin




Ciduh Abuya


Ari sia hirup ulah sok nyien pibadogan jurig

Sagala dosa sagala naon dilakonan

Benghar teh loba jalan na

Ulah milih jadi sakutu tina mahluk anu di bendu gusti allah


Tangkal moal hirup dina jero goa

Ari jelma moal salamet mungkur ka gusti

Cik gera balik dei

Mengpeng teu jauh tein tina tobat

Gera ka Chidahu

Gera letakan ciduh abuya

Cai putih tina abuya lewih berharga

Jeng jelma kados sia

Sugan menang syafaat tina ciduhna




Hikayat Cai Dina Jero Botol


Des, hate bareuh naon obatna

Nyerina sampe ka bayang-bayang naraka

Kumaha tadina jing

Sia nu bugoh ka aing

Kalaka kawin jeung nu lain


Naon maksudna bahela sia ngucap janji sahirup samati

Ulah mere aing pangerti 

Ari bikang teh bisana ngan nganyenyeri

Aing nu belengur kie

Di goblok-goblok ku batur


Kulantaran parcaya omongan sia nu kamari

Bahwasana sia tetep bogoh meski ditikah batur

Ah eweh cai kitu

Coba beliken nu aya botolan

Sakalian aing asup ka botol-botolna

Aing isin cai panon naracak deres kie





___

Penulis


Oki Khaeri Rojab, penduduk Singarajan yang pernah nyantri di Baros. 






Kirim naskah ke

redaksingewiyak@gmail.com


1 comments