Wednesday, October 26, 2022

Puisi Sunda Banten Yudi Damanhuri

 Puisi Sunda Banten Yudi Damanhuri




BAKAL CALON PAÉH


teu kudu daptar

geus ka daptar

tapi eweuh

serangan pajar


2022



BÉJA BUDAK MILÉNIAL


Aing rék hiling

sia haraling

ulah ngahalangan

jalan aing


jauh eweuh ngeluh

nanjak gunung

poho kana capé

béak duit jojong baé


nu ditéang teu katimu

nu katimu teu ditéang


ulah mikiran aing

moal katurutan

sabab aing geus

poho kana paéh


2022



BUDAK SEBLAK


kamana nu ramé pasti ditéang

zaman kikilueun bari jeung teu nyaho

mangpaatna


kamana nu hadé pasti diteang

teuing hade jeung sahana

asal kasohor


doang budak meuli seblak

sagala dicampur jeung lepel ladana

beres dahar nukaluar tai tai kénéh. 


2022



NGACA


Di hareupeun kaca

sugan téh Aing

sing horéng lain

sasaha


2022



SUKU JEUNG BIWIR


diajak lumpat 

laju leuleus

teu doang biwir

cacahan moal aya

anggeus


2022


_________

Penulis

Yudi Damanhuri, salakina Tineung Arum Purnamasari. Nuhiji nulis puisi nu hiji panari.


Kirim naskah ke

redaksingewiyak@gmail.com