Wednesday, November 24, 2021

Puisi Sunda Banten Yudi Damanhuri | Gering Nangtung | Jauh ka Peujit | Oray Sinduk | Pacul Mintul

 Puisi Sunda Banten Yudi Damanhuri






GERING NANGTUNG


najan aing jauh

laku lampah teu kawawuh

hirup kudu diperjuangkeun


bodo amat nétijen mah

aing téa kandel beungeut

emang sia, keudeung rieut

sapopoé ngajedog ngereman imah


2021





JAUH KA PEUJIT


encan mokla sakumaha

awak némpél kénéh sagala banda

hirup lain cuma sagala boga pakaya


2021





ORAY SINDUK


geus babaraha kali kabawa ngimpi

oray sinduk nyantrokan indung suku

ceuk béja bakal aya nu cilaka di kulawarga


hudang héés nempo suku babolokot

karak inget, keurpeuting bérés ngurek

laju peureum teu sempet kukumbah

dina kobak cai bah Bapa Nuh


2021





PACUL MINTUL


saencan seukeut mah ulah deukeut aing

awak sia masih kénéh doang pacul mintul

padahal geus dicontoan ku bapa Adam

saprak néangan ema Hawa ihwal ka dunya. 


2021






____

Penulis


Yudi Damanhuri hijrah ka Banten basa karusuhan Mei ’98. Sok nulis esai jeung drama. Salah sahiji nu meunangkeun Sayembara Naskah Drama Dewan Kesenian Banten 2017.








Kirim naskah ke 

redaksingewiyak@gmail.com