Wednesday, September 22, 2021

Puisi Sunda Banten | Zham Sastera | Dinten Weungi Salayar Bentang | Kembang Bodas | Enjing Kabaseuhan | Kadedeuh Urang

 Puisi Sunda (Banten) Zham Sastera



DINTEN WEUNGI SALAYAR BENTANG


rupa hate kalayang bayang

mageuhkeun langkah leres saarah

ruparupa tingali kapandang 

netep kaharap apung pangleresna

nepi ka langit cahayana kembang bentang

/

tina nukasebat hoyong

kedah ngaragap tina dua arah panon kacakaca

mana nu leugit amis

mana oge nu teu raos kupaitnana

tong hoream kana harieum

jalan satapak, tapakkeun pang ajegna

/

tina weungi nukasebat tembang tenang

kamana angin nyanghareup dada 

ngayun panangan alim sidakeup

jalan abdi jalan anjeun

netepekun diri

ka gusti abdi


Pandeglang, 2020




KEMBANG BODAS


mangrupa kembang, sanes kalangkang 

anu dipikahoyong katineung

lahir tina taneuh anu tiis

halimun isuk ngabaseuhan agung

/

urang, pangningalikeun kasakadar diri

leumpang ulah hariwang

ulah goyang bari engkang sarakah

mumuja diri sanes jalan nu pangseungitan

/

ragap kasakadar diri kasakian

saha nu pangleupatna

mangrupa tina dadahan garing

ngiceup tatanda hirup

beunta tatanda aya


Banten, 2019




ENJING KABASEUHAN


baseuh taneuh urang

tina pasalia lalampahan anu poek atanpi caang

sanes cicing ngapatung teu aya pangharepan

paneteup soca sekeut kahayang

wawartos langit merenah hate

sagala rupa laku-lampah

/

tina diri nu pangkeukeuhan

margi kahirupan teu nepi taram

dugi dimana, dugi kamana

arah nu kedah meunang bagja

sanes kagulung laut sangsara

/

tina rupa enjing

teu kenging kalengkahan 

ku hujan nu ngabaseuhan

najan langit alim ngabarkeun panonpoe

tetep hate kana lakon pangleresna


Banten, 2014




KADEDEUH URANG

: anjeuna


tina rasa nu ayeuna aya

ngahareupan ajeg ka langit nu iuh

sanses lamun nu ngalayang

pageuh hate leres milarian

bilih jalan can wancina

ngaragap diri pang seeurna

/

dina nu disebut ihtiar

sajatina aya nu kedah dikorbankeun

aya pahit aya amis

aya hideung aya putih

lapangkeun hate jalan sagala

/

ulah riang bisi teu meunang

ulah sieun mikacinta 

kantos ngarasa pang gagalna

kedah deui ajegkeun suku

tong hilap lempengkeun hate

mugia geuwat meunang

anu pang alusna


Banten, 2017




____

Biodata Penulis

Zham Sastera, lahir di Pandeglang-Banten, 8 Januari. Alumni Perbandingan Agama UIN Syarif Hidayatullah Jakarta, yang kini mengabdi di almamaternya sebagai staf pengajar. Menulis enam buku puisi tunggal setia menulis dan mengarsipkan sajak-sajak sundanya sebelum niat diterbitkan. Aktif bergelut kelas susastra di Forum Lingkar Pena (FLP) Ciputat dan Komunitas Sastra Gunung Karang (KSGK) Pandeglang. 


HP/WA: 085288683853

Email: zhamsastera@yahoo.com 




Kirim naskahmu ke

redaksingewiyak@gmail.com