Wednesday, October 6, 2021

Puisi Sunda Banten | Yudi Damanhuri

 Puisi Sunda Yudi Damanhuri




Ngabacot


Biwir sia lémés

lamun nyacahkeun batur

padahal teu sakabéh bener

anu dicaritakeun


alabatan haseup pabrik nu teu ereun

hayoh baé sagala kalakuan batur dibacotkeun


padahal urang teu nyaho

boa si éta geus nyatu

atawa encan poé iyeu


sabab mangkok

gambar kotok

moal kongkorongok


2021




Kaduhung


kaduhung mah timbeuri

saenggeus sakabéh laku lampah

geus ulah dipikiran

sia geus jeung batur

aing sarua


kaduhung mah timbeuri

ngajedog bae mikiran

tapi teu dilakonan

aing geus jauh ka kulon

sia masih kénéh di wétan


tapi aya nu kaduhung di hareup

mapay ngabaris di galengan sawah

nu panghareupan ngaleuyeuk

tai kebo! 


2021




Saprak Sia


saprak sia teu cicing

di hulu aing


hirup teu tenang

boro nempo pakaya loba

ari teu ngabogaan sia

hirup doang di Naraka


saprak sia teu cicing

di hulu aing


kabéh jalma nempo aing

doang kebo puasa saminggu

mun dicaritakeun moal eureun

sampé béak deungeun sangu


2021





___

Penulis

Yudi Damanhuri hijrah ka Banten basa karusuhan Mei ’98. Sok nulis esai jeung drama. Salah sahiji nu meunangkeun Sayembara Naskah Drama Dewan Kesenian Banten 2017.







Kirim naskah ke

redaksingewiyak@gmail.com