Wednesday, December 22, 2021

Puisi Sunda Banten Yudi Damanhuri | Hari Ibu | Jangjawokan | Nyampal | Ngising Teu Ngisang | Carita Pajabat Tolol

 Puisi Sunda Banten Yudi Damanhuri




HARI IBU


Ambalatak status WA hari ibu

Ambalatak status FB hari ibu

Ambalatak status twitter hari ibu

Ambalatak status instastori hari ibu


Ambalatak ibuibu teu doang ibuibu

Ambalatak geus ibuiibu doang budak rodék hulu


2021




JANGJAWOKAN


Asihan aing si pucuk nénéh

Bayu nénéh bayu sanéh

Ngarampuyuk ménta dirayak

Ngarampuyuk ménta dilahun

Dina leungeun hayang mikeun

Dina haté hayang méré


Mangka welas

Mangka asih

Sing asih haténa si anjeun

Ka anging kawula


2021




NYAMPAL


hirup kudu loba nyampal

méh teu sawarna teuing eusi hulu

méh loba dulur

méh loba pangalaman

keur dicaritakeun ka anak incu

keur nyacahkeun

ka kulawarga kabéh

sabab nu bakal didéngé

budak jaman kuari mah kitu

najan asup ceuli kédé

kaluar ceuli katuhu


2021




NGISING TEU NGISANG


sapopoé teu nempo panon poé

mangkat poék balik poék

nyantrokan rezeki, ceunah, bisi dipacok kotok

padahal numéré geus Pasti


jaman ayeuna loba kapoho

poho kanu méré

poho kana waktu

poho kana diri

poho kana kolot

poho kana dulur

poho kasagala rupa tektek bengek

budug alus borok sikut

nu aya di awak sorangan


hirung doang kanébo garing


mun kitu baé

bakal geura Bitu

sabab kadiri poho

apalagi kabatur? 


2021




CARITA PAJABAT TOLOL


Nitah batur asup ka ruyuk

nyokot buah anu dipikahayang

malah sakalian nyokot buah anu teu dititah

laju kaluar, béak dicocoan reungit


Geus haren ngarep cap nuhun

Malah ditolol-tolol.


2021



____

Penulis

Yudi Damanhuri hijrah ka Banten basa karusuhan Mei ’98. Sok nulis esai jeung drama. Salah sahiji nu meunangkeun Sayembara Naskah Drama Dewan Kesenian Banten 2017.







Kirim naskah ke 

redaksingewiyak@gmail.com


1 comments